Jumat, 16 Desember 2011

Puisi Bahasa Sunda

Cekidot Puisi Bahasa Sunda :
Tos kageugeut hate eneng ku Aa
Moal peugatku katresna sagede gunung
kanyaah, kadeudeuh eneng
moal endag kuangin topan
moal luntur kahujanan
moal putus tina titingalian hate
gurat seuneu patingburisat di langit luhureun panyalindungan
langit ceudeum katutupan mega nu ngagulung nyiliksik asup kana hate ngalimpudan rasa na jero dada
hawar-hawar sora hariring melengking
ngurilingan peuting nurihan hate nu keur rungsing
hiliwir angin peuting mawa talatah liwat kalakay
cenah manehna ayeuna keur tunggara
euh aya naon atuh AA
caritakeun katunggara teh
dinu hate pangjerona ngan sahiji nu abadi
najan deukeut, atawa jauh tapi leungeun hatemah aya dinu dada
Nu ieu mah kenging ceu Chye Retty Isnendes
Hirup
Hirup teh cita-cita
ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
Hirup teh seuneu
nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula
Hirup teh aci-acining:
Bagja!
Teuteup jeung Imut – puisi bahasa sunda
Lebah pertelon pasosore aya teuteup jeung imut
Teuteup nu matak nembus jajantung
Imut nu ngelet matak nyeredet kana hate
Di lebah dinya rasa sono patepung deui
Lebah pertelon silih teuteup ku ka deudeuh
Lebah pertelon silih baledog imut ka asih
Lebah pertelon silih patarema kaanyaah
Lebah pertelon silih mantengkeun katresna
Lebah pertelon teuteup jeung imut anjeung matri dina ati
Teuteup jeung imut nu eta moal bisa ditepungan deui
Geus kalimpudan ku waktu
Teuteup jeung imut nu eta geus ngancik dina ati
Anu moal bisa leungit deui
Kanggo Salira – puisi bahasa sunda
jungjunan
wengi ieu karaos pisan sonona..
beuki lami..
beuki dieu..
unggal usik
unggal malik..
duh..
geuningan rindat salira nu karaos..
..
aya anu gumuruh dina lebet dada ..
tos lami teu kedal..
mung ukur dibuni-buni..
disimpen dinu pangnyingkurna..
geuning ayeuna..
..
kuring bagja pisan
anu karaos teh endah..
duh..
iraha atuh tepang..
iraha atuh nyarandekeun kadeudeuh ka salira..
ngaraoskeun seungitna cinta ti salira..
ngaraoskeun cai soca anu lungsur bakatku bagja..
ngaraos bungahna..
basa gugah teh geuning aya salira
bari neutuep geugeut..sono..deudeuh.. nyaah..tresna..
kasono teh ngan ukur kagungan salira.
..
salam sono sareng katresna..
Mapag romadhon
estu manusa di na hirupna
taya ieuh nu sampurna
pinuh cidra reujeung dosa
campelak di na polah katut basa
poe ieu bulan sya’ban rengse kalakon
ayeuna urang papag bulan romadhon
bageakeun ku rupaning ibadah
mangpaatkeun pikeun muhasabah
dikawit ku wening ati herang manah
neda hampura na pikeun sakur laku lampah
wilujeng ngalaksanakeun shaum romadhon
Katresna Kanggo Salira
jungjunan…
kacinta
katresna
kadeudeuh
kanyaah
kasono
kaheman
ka salira…
beuki…. muka….
lawang katresna ka salira… beuki muka
panto ka sono kasalira beuki… molongo
jandela ka kanyaah beuki muka
Ibun harepan
kamari rundayan katineung rek dipalerkeun
bongan mawa eurih
nu ngageuri kana ati
ngabudalkeun kingkin
jeung rambisakna rasa
tadi,
ku naon salira ngaririhan deui
mawa ibun sanajan sakeclak
nu nyirungan deui katineung
nu ngahaja rek disinglar
duh gamparan,
guligahna rasa
hamo bisa disidem deui..
Dina Impenan
Jungjunan…
unggal dinten ..
nu diantosan wartos salira
nu diimpen mung salira
sanaos tara nyarios dina impenan..
mung ukur gumujeng bari ningalikeun..
deudeuh pisan..
duh..
jungjunan
..
tapi geuningan nyata..
salira geuning nyaah pisan..
deudeuh pisan..
tresna pisan..
ah..
kuring bade teras gugah..
bade nguping wartos ti salira
bade merhatoskeun salira..
bade nyiar impenan anu katunda..
..
duh..
pamugi leres..
ieu teh bakal wujud..
masing teu terang iraha waktosna..
iraha jantena
duka atuh..
meni hese..
..
kabungah teh geuning aya hahalangna..

   
16-12-2011
ibaliano noveembra

0 komentar:

Posting Komentar